Selasa, 10 April 2012

Zodiak bulanan versi Ze'Odho

Mangga di aos Zodiak minggon ieu ..
1. Pirgo
- Pagawean nu cocok: ngalaan kutu dina sirah
monyet
- Keuangan: boke pisan.
- Asmara: bakal boga kabogoh ngan rada pikun.
2. Akuwarius
- Pagawean nu cocok: Dagang jengkol
- Keuangan: sangsara pisan, dagangan baruruk
kabeh
- Asmara: aya nu naksir, tukang ngangon domba
3. Piskes
- Pagawean nu cocok: ngalaan enog sireum jeung
enog cakcak
- Keuangan: teu saperek-perak acan, eureunan
nyopet.
- Asmara: euweuh nu daekeun,
4. Ariyes
- Pagawean nu cocok: ngamandian maung
- Keuangan: loba hutang, bayaran heula
- Asmara: euweuh nu daekeun, coba halis dikurud
sabeulah...
5. Tawurus
- Pagawean nu cocok: tukang macul atawa ngored
- Keuangan: loba hutang, pindah kontrakan sabab
bakal loba nu nagih
- Asmara: can payu keneh, ganti pelletna.
6. Gemini
- Pagawean nu cocok: meresihan jukut kuburan.
- Keuangan: teu becus ngala duit,
- Asmara: diputuskeun ku kabogoh, kapanggiheun
pas keur duaan jeung kunti
7. Kanser
- Pagawean nu cocok: ngamandian domba.
- Keuangan: euweuh pemasukan
- Asmara: aya peningkatan, bakal ditaksir ku
bencong.
8. Leyo
- Pagawean nu cocok: dagang bilik
- Keuangan: Ripuh pisan, isukan moal manggih
sangu
-. Asmara: can payu, cobaan pelet mbah
jambrong.
9. Libra
- Pagawean nu cocok: Tukang cilok
- Keuangan: ulah nyumputkeun duit handapeun
kasur.
- Asmara: aya nu bogoheun, ngan rada torek
10. sekorpio
- Pagawean nu cocok: tukang sedot WC.
- Keuangan: bakal nimu duit, mun bener2
manggih, bagi dua jeung uing
- Asmara: bakal diputuskeun, buru2 neangan pelet
11. Sagitariyus
- Pagawean nu cocok: ngamandian mayit
- Keuangan: bakal loba duit, sabab tuyul inguan
geus cageur geringna.
- Asmara: diputuskeun ku kabogoh
12. Kaprikorn
- Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan
- Keuangan: Pikawatireun, sangsara balangsak,
waspada debt kolektor!
- Asmara: ulah cadu mandi meh aya nu
bogoheun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar